close
Ciri Ciri Wawangsalan - idnpacific
Jawab

Ciri Ciri Wawangsalan

Ciri Ciri Wawangsalan

  1. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan mah aya opat padalisan.
  2. Dina sapadalisan wawangsalan, rarakitan jeung paparikan biasana aya dalapan engang.
  3. Dina sisindiran aya bagean cangkang jeung vagean eusi. Dina wawangsalan, padalian kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
  4. Dina wawangsalan purwakanti antar kecap nu aya dina antar padalisan henteu bisa jelas kaciri. Purwakanti antar kecap dina wawangsalan aya dina “wangsalna”. Kecap “wangsalna”, anu mangrupakeun harti padalisan kadua, murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Sedengkeun purwakanti antar padalisan nu aya dina paparikan jeung rarakitan mah bisa sacara jelas kaciri, henteu kudu make “wangsalna” saperti dina wawangsalan.
  5. Dina sisindiran (wawangsalan, rarakitan, paparikan), ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.

Nah itulah jawaban lengkap tentang ciri-ciri wawangsalan dalam bahasa Sunda.

Related Articles

Back to top button